Legenda Palabuhan Ratu Bagian (3) Pengasuh : Apih Yance (Berita MPI)
SUKABUMI,MPI-Mangnyerikeun indungna, tapi teu walakaya, ngan ukur bisa ceurik. Déwi Kadita lumpat ka imah ema pangasuh. Kasampak ema pangasuh keur ngasur-ngasur suluh di hawu. Ema pangasuh keur nyangu. Teu tolih ema pangaduh keur niup song-song supaya seuneu henteu pareum, Déwi Kadita ngagabrug ema pangasuh. Atuh ema pangasuh téh reuwaseun. Nu geulis paur kumaha onam. Déwi Kadita ngagukguk dina lahunan ema pangasuh hareupeun hawu.
Ngarasa kurang merenah, Déwi Kadita diajak diuk dina dipan, tapi tetep di dapur. Gabrug deui Déwi Kadita ngagabrug ema pangasuh. Ema pangasuh ngan ukur bisa ngusapan sirah anu geulis bari ngagelendut. Ngupahan supaya tong sedih.
Torojol Ragil Pamungkas jeung Kundang Rebing. Duanana nanya ka ema pangasuh ku isarat jeung harewos ti kajauhan. Ema pangasuh ngusir dua jajaka asuhanana sina kaluar ti dapur. Tibatan ngawaro mah kalahka ngadeukeutan.
“Sok sing saha anu ngaganggu putri DĂ©wi anu geulis kawanti-wanti, tah hareupan heula tamĂ©ng dada putri nu ngaranna Kundang Rebing. Sakali ngagebĂ©s ku ceuli gĂ©, bakal ngagolèr. Sok putri DĂ©wi bĂ©jakeun ka kakang anu ganteng. Urang bĂ©rĂ©san. Urang bekok ku kĂ©lĂ©k”.
“Geus taram maneh mah rebing ari geus ocon tĂ©h. Kaditu indit. Ngarala suluh angguran”.
“Soal ngala suluh soal gampang. Tangkal kiara tukamgeun imah tinggal nuar. Dahanna anu sagedĂ© cangkĂ©ng rĂ©k dibabukkeun ka jalma anu nyieun lĂ©wĂ©h putri DĂ©wi anu bengĂ©ng”.
“Rebing na sia tĂ©h. Ku bengal teuing. Bangun hayang dibalĂ©dog ku songsong?. Bari belewer Kundang Rebing dibabĂ©t ku songsong. Puguh gĂ© teu keuna, Kundang Rebing aduh-aduhan. Terus lĂ©lĂ©wĂ©han. Ari panonna bari ngintip ka anu geulis. Nu geulis teu kuateun nempo Kundang Rebing lĂ©lĂ©wĂ©han bari biwirna jebĂ©w. Anu geulis tungtungna seuri. Terus malĂ©dog Kundang Rebing ku pangarih. Teu dikeunakeun. Maledog ogo.
Geus rada rerep, ema pangasuh nyusutan cipanon Déwi Kadita. Nyaaheun pisan ema pangasuh, lain sabab Déwi Kadita téh putri karajaan, tapi émang nu geulis pantes dipikacinta ku saha ogé. Komo ieu ema pangasuh ngagulanggapér ngarorokna ti orok beureum kénéh.
“Ema, geuning kuring tĂ©h teu dipikaharep. Rama prabu mah hoyong putra pameget. Muhun da atuh sakieu ayana. Janten pameget atanapi istri teu tiasa dihoyong-hoyong, Ă©stu katangtosan ti Gusti Nu Maha Suci”.
“Sumuhun geulis kitu. Panginten rama prabu nuju teu raoseun manah”.
“Ah da karaos ti alit oge rama prabu mah kirang berag”.
“Sumuhun kumargi rama prabu mah ageung tanggel walerna ka karajaan. Supados karajaan gemah ripah kerta raharja. Rahayat sadayana sejahtera tur aman tengtram”.
“Anu utamina mah rama prabu sangsi yĂ©n istri tiasa mimpin karajaan. Saleresna mah tos seueur conto karajaan anu dipingpin ku istri, sapertos Majapahit. Ngadangu mah kitu. Geuning tiasaaeun”.
“Anaking, putri DĂ©wi oge tangtos tiasa mingpin karajaan. Pan nu utami mah raja ataapi ratu tĂ©h kedah dipikacinta ku rahayat. Janten rahayat tangtos nurut patuh kana katangtosan atanapi parĂ©ntah raja.
“Saleresna mah ibu ratu ogĂ© sanĂ©s alim gaduh putra pameget, tapi kumaha da geuning Sangyang Widi Wasa masihanana istri. Hoyongeun pisan gaduh putra pameget, tapi geunjng dipaparinna mung Dewi wungkul”.
“Ayeuna korbanna teh ibu ratu. Hawatos pisan. Sawewengi nangis. Teu tiasa diupahan. Socana dugika bareuh. Sedih ema ninggalina. Panginten ibu ratu asa teu kaanggo ku rama prabu. Atuh kana kahoyong rama prabu, ibu ratu teu tiasa nolak. Padahal cinta ibu ratu ka rama prabu teh sakitu ageungna. Rama prabu teu emut nuju rama prabu katenung janten budak hideung, ibu ratu anu nulunganana. Malihan sateuacan pulih, ibu ratu tos siap janten garwana.
“Ari soal kapercantenan kanggo mingpin karajaan kapayun mah tangtos Ă©ta hak rama prabu. Atuh anaking anak ema anu geulis geura nikah. Pan carogĂ©na tiasa janten raja”.
“Tenang ke dipangnĂ©angankeun ku uing. Nu gagah kasĂ©p. Jiga uing.
“KasĂ©p modĂ©l kumaha karah manĂ©h tĂ©h rebing?”
Ragil Pamungkas nyuntrungkeun sirah Kundang Rebing. Teu kaop aya lolongkrang, asup celetak-celetuk. Éĺég waé.
“Saestuna DĂ©wi mah teu gaduh ambisi kanggo janten ratu Pajajaran. Ku dipikacinta balarĂ©a ogĂ© tos cekap. Upami ibu ratu ngalahirkeun putra pameget ogĂ©, wios kalungguhan mah kanggo anjeunna”.
Gede tur lebar kaasih ka nagarana. Émang kacinta ka karajaan katut rahayatna teu bisa diukur ku kahayang jadi raja wungkul. Éta mah leuwih condong kana kabutuhan diri. Éta bisa jadi kaasup napsu, lamun teu bisa dikadalikeun bakal ngarujadkeun karajaan sanajan karajaan sakumaha tohagana oge. Lir ibarat rinyuh nu bisa ngahakanan saeutik-saeutik tihang kawibawaan karajaan.
“Rama prabu badĂ© nikah sareng DĂ©wi Mutiara ti karajaan Pangkung Ageung. Panginten ema uninga. Patih TĂ©rong Peot anu nuduhkeunana”.
“Teu eucreug eta tĂ©rong peot tĂ©h. Dasar tĂ©rong kabeuki nini-nini. Lumayan gahel-gaheleun. Uyuhan daĂ©k nya. Di dieu ogĂ© aya terong nu peot teh”, ceuk Kundang Rebing ngabojĂ©g. Keur kitu tĂ©h torojol aki pangurus kuda, salaki si nini.
“Naha mamawa aing siah rebing? Éta ceuli manĂ©h mingkin beukah we. Hayang siah dijiwir?” Ceuk aki panjaga kuda bari ngajiwir ceuli Kundang Rebing.
“Ampuuuun…ampuuuun…”
Lamun geus kumpul kieu, haté sedih Dewi Kadita asa kabrangbrangkeun. Di karaton moal manggih kaayaan modél kieu téh.Teu lila kabeh sempal guyon deui. Bangbalu hate Déwi Kadita ogé sirna. Teu lula riungan bubar sanggeus Kundang Rebing ngutarakeun yén manéhna arék indit ka karajaan Pangkung Ageung. Hayang nyaho saha Déwi Mutiara téh.
( Hanca )
Reporter : Sopandi
Editor : Hamdanil Asykar



